Mimbar Dakwah Sesi 105 : “Tamsil Kahirupan Nyiruan”

Mimbar Dakwah Sesi 105 : “Tamsil Kahirupan Nyiruan”

Oleh :

Yudi Yansyah S.Pd.i

                    Penyuluh Agama Islam Kecamatan Bojong Genteng

                   Kementerian Agama Kabupaten Sukabumi

 

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

اِنَّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِىاللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِىَلَهُ، أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِىَّ بَعْدَهُ، اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالَهُ.

أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ امَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّاقَدَّ مَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوْا اللهَ اِنَّ اللهَ خَبِيْرٌ بِمَا تَعْمَلُوْنَ (الحسر: 18)

Hadirin rohimakumulloh

Saba’da manjatkeun puji syukur ka hadirot Alloh Swt sareng solawat miwah salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW katut ka kulawarga, para sohabat sareng sakumna umat anu satia ka anjeuna; mangga urang sami-sami ngantebkeun katakwaan ka Alloh Swt pikeun ngahontal kamulyaan sareng kabagjaan di sisi anjeuna.

Hadirin rohimakumulloh

Mangga urang ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Gusti Alloh Swt sangkan kaayaan kahirupan dunya teh tetep aya mangfaat ka sasama jalma sareng pikeun kahirupan dina umumna.

Mu’min anu takwa sajabi ti ta’at ngajalankeun ibadah ka Gusti Alloh Swt, bakal tiasa ngawangun kahirupan masarakat sareng lingkunganana ku nyeueurkeun amal kasaean.

 

Rosululloh SAW parantos maparin tamsil pikeun kahirupan jalma mu’min nyaeta kahirupan nyiruan. Pidawuhna Rosululloh SAW:

مَثَلُ الْمُؤْمِنِ كَمَثَلِ النَّحْلَةِ إِنْ أَكَلَتْ طَيِّبَةً وَاِنْ وَضَعَتْ وَضَعَتْ طَيِّبَةً وَاِنْ قَعَتْ عَلى عُوْدٍ نَخْرٍ لَمْ تَكْرِهْ

Misal manusa Mu’min teh saperti nyiruan. Upami manehna barang dahar mangka dahareunnana anu aralus, jeung dimana ngaluarkeun naon bae tina awakna mangka nu dikaluarkeunnana oge barang anu aralus. Jeung upama manehna eunteup sok sanajan dina regang anu koropok mangka tempat eunteupna saeutik oge henteu jadi ruksak”. (HR. Abu Dawud)

Tina tamsil tadi aya tilu rupi sikep positif picontoeun urang anu kedah mancer tina kahirupan jalma Mu’min. Kahiji, rizki anu dipake pikeun nyumponan kabutuh hirup sapopoe tina rizki anu sae kalawan diusahakeun ku cara anu halal (halaalan thoyyiban). Kadua, naon bae anu dipimilikna (harta, harti,tanagi) digunakeun pikeun amal kahadean nu mere mangpa’at tur maslahat ka sasamana. Katilu, henteu nimbulkeun karuksakan pikeun lingkunganana boh lingkunganana.

Hadirin rohimakumulloh

Rosululloh SAW maparin tamsil ku nyiruan tadi, lantaran eta nyiruan mibanda sipat-sipat anu positif konstruktif anu kedah dijadikeun pelajaran moral (ibroh wa idhoh) ku satiap jalma anu miharep kamulyaan hirup sareng karidhoan Alloh Swt.

Dina al-Qur’an aya surat anu di ngaranan An-Nahl anu hartina nyiruan. Dina eta surat Alloh Swt ngadawuh:

وَاَوْحى رَبُّكَ اِلَى النَّحْلِ أَنِ اتَّخِذِىْ مِنَ الْجِبَالِ بُيُوْتًا وَمِنَ الشَّجَرِ وَمِمَّا يَعْرِشُوْنَ ثُمَّ كُلِى مِنْ كُلِّ الثَّمَرتِ فَاسْلُكِىْ سُبُلَ رَبِّكَ ذُلُلاً يَخْرُجُ مِنْ بُطُوْنَهَا شَرَابٌ مُّخْتَلِفٌ أَلْوَانُهُ فِيْهِ شِفَاءٌ لِلنَّاسِ اِنَّ فِى ذلِكَ َلأيَةً لِقَوْمٍ يَتَفَكَّرُوْنَ.

Jeung Pangeran aranjeun geus ngawahyukeun ka nyiruan, prak jarieun sayang di lamping-lamping gunung, dina tatangkalan kai jeung imah-imah nu diadegkeun ku manusa. Pek dalahar tina rupa-rupa bubuahan jeung prak tempuh jalan Pangeran anjeun nu geus digampangkeun pikeun aranjeun. Tina beuteungna kaluar madu nu rupa-rupa warnana, dina (eta madu) aya ubar anu nyageurkeun pikeun manusa. Saestuna dina eta perkara aya tanda-tanda (Kaagungan Alloh) pikeun jalma-jalma anu malikir”. (QS. An-Nahl, 16: 68-69)

Hadirin rohimakumulloh

Dina ayat ieu Alloh Swt menta perhatian ti urang sadayana pikeun merhatikeun kahirupan nyiruan. Alloh Swt parantos maparin naluri ka nyiruan pikeun gawe babarengan nyieun sayangna; di lamping-lamping gunung, dina tatangkalan jeung di imah-imah manusa. Nyiruan di pasihan kagampangan pikeun ngumpulkeun dahareunana tina saripati bubuahan jeung kekembangan. Nyiruan dipasihan kamampuan ku Gusti Alloh Swt pikeun ngarobah dahareun jadi madu anu rupa-rupa warnana sarta amis rasana. Madu nyiruan jadi obat anu mangpaat pikeun kasehatan manusa. Sajaba ti eta, nyiruan ngabogaan sifat kawiraan (kaprajuritan). Upama sayangna diganggu maranehna siap nyerang jeung nyeureud pikeun mempertahankeun kadaolatannana sok sanajan kudu ditebus ku nyawana.

Hadirin rohimakumulloh

Maksadna Rosululloh SAW maparin tamsil kahirupan nyiruann pikeun kahirupan mu’min, nyaeta:

1.         Umat Mu’min kudu resep digawe babarengan, rempug jukung sauyunan pikeun ngawangun nagarana, ngajaga kahormatan sareng kadaolatan bangsana tina gangguan pihak luar sahingga kahirupan bangsa jeung masarakatna tartib, aman, sejahtera.

2.         Pikeun nyumponan kabutuhan hirupna satiap Mu’min kudu getol neangan rizki anu beresih tur halal, henteu ngahalalkeun sagala cara anu ngalanggar kana aturan. Sabab satiap palanggaran kana aturan boh aturan Alloh boh aturan manusa bakal ngahesekeun jeung ngarugikeun diri sorangan sarta bakal ngarugikeun jalma sejen.

3.         Sakumaha nyiruan nu mere mangpa’at ku maduna, mangka jalma Mu’min kudu mere mangpa’at  ka sasama boh ku hartana atawa ku perbuatannana.

Pidawuh Rosululloh SAW :

خَيْرُ النَّاسِ أَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ

Pangalus-alusna manusa, nyaeta nu pang mangpa’atna pi-keun sasamana”. (Al-Hadist)

Hadirin rohimakumulloh

Saperti nyiruan. Kitu kedahna sikep sareng sifat kahirupan urang di tengah-tengah masarakat. Sahingga di mana bae urang cicing bakal mere harti jeung mere eusi, berma’na jeung berguna pikeun kahirupan masarakat, bangsa, sareng nagara.

Dina al-Qur’an Alloh Swt nerangkeun sifat-sifat nyiruan sangkan umat mu’min nyandak eunteung jeung pangajaran tina kahirupan nyiruan, ulah kawas laleur. Nyiruan tara eunteup di sambarang tempat. Tempat eunteupna, dahar jeung nginumna dipilih. Henteu kitu kaayaan laleur, dahar, nginum jeung eunteupna sambarangan, di tempat anu kotor jeung rujit oge taya masalah. Geus kitu hiber ka mana mendi lain mere mangpa’at tapi nyebarkeun panyakit nimbulkeun madarat.

Mu’min anu takwa oge lain siga lancah nu nyieun sayang ngahaja keur ngajiret sasama makhluk Alloh anu lemah, getihna diseuseup taya rasrasan. Mu’min anu takwa lain saperti lancah anu sok ngarah ngarinah neangan untung jeung kakawasaan pikeun diri pribadi tina katunggaraan sasama.

Hadirin rohimakumulloh

Jalma Mu’min oge lain siga hileud. Hileud cicing dina daun anu seger sarta dijadikeun dahareun, digulung jeung digares nepi ka ruksak. Manehna teu paduli teu ambil pusing. Anu penting asal beuteungna seubeuh naon oge bakal digares sok sanajan kudu ngaruksak lingkungan tempat cicingna.

Ibarat nyiruan nu mere mangpa’at sanes saperti laleur, lancah, jeung hileud nu sok nyebarkeun panyakit, ngarugikeun sasama jeung sok ngaruksak lingkungan anu kudu dijaga jeung dipiara.

Kalawan nyandak i’tibar tina kahirupan makhluk-makhluk Gusti Alloh tadi mugi bae hirup sareng kahirupan urang, kalungguhan sareng peranan urang di mana bae, iraha bae sareng dina status atanapi posisi naon bae kedah berguna sareng mangpa’at pikeun saha bae sahingga ayana ngajangkepkeun teu ayana ngagangsalkeun.

Sangkan urang tiasa ngalakonan hirup anu mere harti sareng mangpa’at sakumaha anu ditetepkeun ku Gusti Alloh Swt mangka urang kedah merhatikeun lima pokok anu kedah diwujudkeun dina kahirupan ieu:

1.         Miara sareng nanjeurkeun agama dina kahirupana sangkan agama janten padoman dina sagala pasoalan.

2.         Ngawangun kahirupan dunya anu sae pikeun sarana ibadah sareng amal soleh.

3.         Nyiapkeun kahirupan akherat anu sae di sisi Gusti Alloh Swt, dilakukeun ku jalan nyeueurkeun ibahah ka Gusti Alloh sareng ihsan ka papada jalma.

4.         Ngagunakeun sesa yuswa sareng satiap kasempetan pikeun midamel kasaean.

5.         Nyiapkeun akhir hayat anu sae dina jalan Alloh dilakukeun ku nyeueurkeun amal soleh sareng ngahindarkeun diri tina midamel dosa. Sahingga kasaean urang salamina nyongcolang di papada manusa. Sanes maot anu jalma ngarasa aman tina gangguan urang.

Lima pokok pangwangunan hirup anu paripurna tadi kaunggel dina do’a Rosululloh SAW :

اَللّهُمَّ أَصْلِحْ لِىْ دِيْنِى الَّذِىْ هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِىْ وَأَصْلِحْ لِى دُنْيَايَ الَّتِىْ فِيْهَا مَعَاشِىْ وَأَصْلِحْ لِىْ أَخِرَتِىْ الَّتِىْ إِلَيْهَا مَعَادِىْ وَاجْعَل الْحَيَاةَ زِيَادَةً لِىْ فِى كُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةًلِىْ مِنْ كُلِّ شَرٍّ

Nun Gusti Alloh, mugia Gusti nyaekeun pikeun abdi agama abdi pikeun padoman dina sagala urusan abdi. Sareng sae-keun pikeun abdi dunya abdi geusan tempat kahirupan abdi. Sareng saekeun akherat abdi geusan tempat pikeun wangsul abdi. Sareng mugi Gusti masihan tambihan kakiatan pikeun abdi geusan midamel kasaean. Sareng mugi Gusti ngajan-tenkeun maot abdi engke geusan pangeureunan sagala ka-awonan abdi”. (HR. Dzailami ti ‘Ali bin Abi Thalib ra)

Hadirin rohimakumulloh

Akhirna mung ka Gusti Alloh Swt urang nyuhunkeun pangampura, rohmat, taofek sareng hidayahNa.

أَقُوْلِ قَوْلِ هذَا وَاسْتَغْفِرُاللهَ الْعَظِيْمَ لِىْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ فَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ


Dibaca: 9 Kali

Sekretariat

Jl. Jenderal Sudirman No. 644

Bandung 40183 Jawa Barat Indonesia

Visitors Counter